Pengkolan jeung Garut

Pengkolan atawa belokan geus tangtu nunjukeun kana jalan nu ngagilek ka kenca atawa ka katuhu, tapi mun nanya ka urang Garut tangtu jawabanna bakal lain, sababna masyarakat Garut geus galib atawa umum mun nyebut “pengkolan” kaimpleng hiji tempat karamean nyaeta puseur dayeuh (pusat kota) Garut. Tapi mun ditanyakeun naon sababna puseur dayeuh Garut sok disebut “pengkolan”? atawa lebah mana pernahna pengkolan teh? loba nu ngabigeu alias teu nyahoeun, paling ge ngajawab sahayuna “nya geus tidituna weh meureun” bari euweuh penjelasan nu ilmiah (barina ge dipikiran teuing, cenah).  
Tah ayeuna ku kuring urang lelebah ngarujuk kana dongeng jeung lalakon aki, nini jeung kolot -kolot kuring baheula basa kuring keur leutik, mudah mudahan bisa ngeuna atawa meneran kana harti sabenerna, tamba lumayan keur dongengkeuneun ka anak incu.
Kieu caritana, ayeuna urang mimitian ti Stamplat (terminal) nu perenahna di jalan Pramuka, nu ayeunamah Dinas Perdagangan&UMKM (meureun, bisi salah), samemehna mah Sturada (Radio daerah). Geus tangtu basa harita kacipta ramena eta tempat teh, sabab terminal hiji-hijina di Garut, keur mah teu jauh ti dinya aya stasion kareta (ayeunamah geus di tutup). Balik deui ka carita, harita mun urang rek indit-inditan ka luar dayeuh Garut, bari urang teu boga kandaraan pasti nu dituju terminal kandaraan umum (beus atawa kol), tah ayeuna mah urang hususkeun mun urang rek indit ka Tasik, Singaparna atawa Cilawu, pokona nu rek ka beulah wetan ngidul (tenggara), sabab bakal aya pakuat-pakait jeung ngaran “pengkolan” (meureun). Mun naek beus ti terminal, diperkirakeun ruteu beus bakal ka jalan Pramuka ngidul terus mengkol ka kenca jalan Talaga Bodas (A Yani) ngetan semet mengkol ka katuhu di pertelon (simpang tilu Ciledug) bangblas ngidul ka jalan Ciledug terus ka Cilawu jeung saterusna nepi ka Tasik. Semet dieu geus aya gambaran dua pengkolan, tah ayeuna nu jadi pananya, naha nu mana lebah “pengkolanna”, naha palebah pengkolan jalan Pramuka - AYani, atawa pengkolan A.Yani-Ciledug, Tapi mun ngarujuk kana dongeng nini/aki kuring yen tempat nu rame harita (malah ti jaman Walanda keneh) nyaeta lebah pertelon (pertigaan) A Yani- Ciledug, sreg weh hate kuring leuwih klop (cocok) yen “pengkolan” lebah dinya, tapi ketah urang runut deui sajarahna waktu jaman Walanda. Kuring kungsi maca saliwat dina koran “PR” ngeunaan tempat nu teu jauh ti dinya nya eta “ Pasar Ceplak” (Jl siliwangi), horeng tempat jajanan pasar eta teh ti jaman Walanda ge geus aya nyaeta tempat Menir-menir jeung Sinyoh Walanda nu ngahaja daratang ti Ondernimeng (perkebunan) sabudeureun kota Garut ngaradon “hang out” tiap malem minggu, baregadang jeung marabok sapeuting jeput. Isuk-isukna samemeh baralik sok ngaharajakeun mareuli kopi ka Toko “Ek Bow” (tokona aya keneh nepi ayeuna) nu perenahna nyaeta di pertelon A Yani – Ciledug. Tuh pan kacipta ku urang yen eta tempat geus rame ti jaman baheula pisan, matak payus mun urang nyebut “pengkolan” teh palebah dinya, ditambah deuih harita aya kacapangan kieu, “ Mun rek ka Tasik mah entong ka Stamplat, lila, geus weh nungguan beus mah di “pengkolan“ weh”. (maksudna dipengkolan palebah simpang tilu eta). Soal ti iraha puseur dayeuh Garut disebut “pengkolan” kuring teu nyaho, euweuh referensi titi mangsa nu ngadukung kana carita ieu, sanajan carita “pengkolan” ieu ge can tangtu bener, masih bisa di cempad. Cag Heula

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Anti Mosquito, Sotware Pengusir Nyamuk