Kalirumologi jeung Kosa kanyaho Bandung jeung sabudeureunana (versi sim kuring)


Nitenan sababaraha tempat di Bandung, aya sababaraha ngaran tempat nu galib (biasa) dikecapkeun, tapi urang teu nyaho naon hartina, kumaha nulisna, jeung asal usulna, tah diantarana nyaeta:

GASIBU
Nyaeta hiji lapang hareupeun Gedong Sate, baheulana hiji tegalan nu ngagegedeg ku tangkal eurih, eta tegalan teh di bikeun sabage kompensasi ka barudak pamuda nu sok mengbal di bandung utara nu lapangna dipake ku pamarentah harita pikeun kapentingan lain. Dingaranan weh lapang Gasibu pondokna tina Gabungan Sepakbola Indonesia Bandung Utara, jadi lain saharti jeung "Gazebo" nu hartina wangunan leutik di buruan imah atawa taman.

Jalan PAGARSIH
Jalan nu ayana di Bandung rada kulon, kapotong ku jalan Jamika, nepi ka ayeuna saeutik nu nyaho naon harti jalan eta. Jalan eta the dicokot ti hiji ngaran tokoh satempat, nu jenenganana Garsih (nami pameget). Pan ari urang sunda mah mun nyebat bapa teh teu nganggo “k” janten, pami nyerat kecap sesebatan (kecap sandang) Pa sanes Pak, Pa Garsih sanes Pak Garsih. Ari soal ngahiji jadi PAGARSIH mah duka teuing ti iraha?.

Jalan TAMBLONG
Sarua jeung jalan Pagarsih, dicokot ti hiji tokoh nu boga jasa pangwangunan kota Bandung. Anjeuna teh hiji tokoh katurunan Tiong Hoa, jenenganana nya eta Babah Tamblong, saurang tokoh mun ayeuna mah kasebutna teh “Pemborong”, nu ngaborongan sabagian gede wangunan-wangunan di kota Bandung.

Jalan BRAGA
Ninggali kana kecapna, jigana teh ngaran nu dicokot tina basa deungeun (baca; “Keren”), padahal eta kecap ‘Braga” the pituin (asli) tina basa sunda, nu hartina hiji jalan nu aya di sagigireun (sajajar) jeung walungan, dina hal ieu tangtuna sajajarna jeung walungan Cikapundung. Mun ngudag kana hartina tangtu satiap jalan nu sajajar jeung walungan mo salah mun disebut “Jalan Braga”.

REGOL
Sarua jeung kecap braga, pituin basa sunda nu hartina lawang atawa gapura gigireun Pendopo Kabupatenan jrrd.

CIKAPUNDUNG
Rek nyebut ngaran jalan atawa ngaran walungan teu nanaon, ngan tempat-tempat di tatar sunda kalobaanana di cokot tina lingkungan ekosistem sabudeureunana, Ci hartina geus tangtu dicokot tina kecap cai (walungan), Kapundung nyaeta ngaran hiji tangkal nu loba sabudeureun walungan eta, sajenis tangkal bungbuahan (jiga bencoy), mun basa batawi mah buah Menteng.

CIKAPAYANG
Kapayang teh ngaran hiji tangkal, tapi ayeuna kecap eta tara dipake, urang leuwih biasa nyebut tangkal Picung atawa Kelewek, (nu sok dipake Rawon di Jawa mah). Aya hiji nu unik tina buah ieu, nyaeta mun ngolahna kurang bener matak mabok, mangkana aya istilah “Mabuk Kepayang”

Jalan SUCI
Aya nu nyebut daerah atawa wewengkon, padahal memang ngaran jalan, ngan ari ngaran resmina mah pan Jalan Penghulu Mustafa. Tah naon sababna bet disebut Suci, singhoreng SUCI teh didieu mah lain hartina ”besih/steril” tapi singketan tina Jalan samemehna nya eta Jalan Surapati nepi ka Cicaheum (SUCI, Surapati-Cicaheum). Di Garut ge aya SUCI singketan tina Sukaregang – Ciparay.

Tah kitu geuning Cu…, punten bilih aya kalepatan da etamah versi sim kuring di cutat tina berbagey sumber. Bilih aya nu bade nambihan atanapi ngoreksi, Mangga..! ditampi ku astakalih. Cag!

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Pengkolan jeung Garut

Anti Mosquito, Sotware Pengusir Nyamuk