Postingan

Menampilkan postingan dari Juni, 2011

Pengkolan jeung Garut

Gambar
Pengkolan atawa belokan geus tangtu nunjukeun kana jalan nu ngagilek ka kenca atawa ka katuhu, tapi mun nanya ka urang Garut tangtu jawabanna bakal lain, sababna masyarakat Garut geus galib atawa umum mun nyebut “pengkolan” kaimpleng hiji tempat karamean nyaeta puseur dayeuh (pusat kota) Garut. Tapi mun ditanyakeun naon sababna puseur dayeuh Garut sok disebut “pengkolan”? atawa lebah mana pernahna pengkolan teh? loba nu ngabigeu alias teu nyahoeun, paling ge ngajawab sahayuna “nya geus tidituna weh meureun” bari euweuh penjelasan nu ilmiah (barina ge dipikiran teuing, cenah).   Tah ayeuna ku kuring urang lelebah ngarujuk kana dongeng jeung lalakon aki, nini jeung kolot -kolot kuring baheula basa kuring keur leutik, mudah mudahan bisa ngeuna atawa meneran kana harti sabenerna, tamba lumayan keur dongengkeuneun ka anak incu. Kieu caritana, ayeuna urang mimitian ti Stamplat (terminal) nu perenahna di jalan Pramuka, nu ayeunamah Dinas Perdagangan&UMKM (meureun, bisi salah), samemehna